Dongeng si Kabayan part 1
Di dieu sim kuring bade ngabagikeun salah sahiji dongeng si kabayan anu judulna kabayan ngala roay. Ku sabab kabayan mah jalmana sok aya wae pikaseurieuna teh. Bilih panasaran sok mangga geura aos.
Si
Kabayan Ngala Roay
Dina hiji peuting Si Kabayan diajak ngala roay
ku mitohana. Isukna, isuk-isuk bral ka haruma, rada jauh ti lemburna.
Di jalan taya nu ngomong sakemék-
kemék acan, sumawonna Si Kabayan da puguh tunduheun
kénéh. Tuman héés nepi
ka beurang, ari ieu isuk
kénéh geus digugubrag dititah hudang.
“Teu kaharti
ku mitoha,”
ceuk dina pikirna, Sakitu geus kolot na aya
kadedemes-kadedemes teuing kana dunya téh. Na keur naon dunya ari lain keur
nyenangkeun awak? Ari ieu kalah jadi hukuman. Keun sia
geura engké…”
Barang nepi ka huma pék ngala roay. Mitohana pohara getolna. Ari Si Kabayan
mah meueus-meueus randeg, meueus-meueus janteng, teu kaur beubeunangan balas ngahuleng jeung ngarahuh bawaning sangeuk digawé. Siga-sigana mah rada mumuleun Si Kabayan téh.
Luak-lieuk, béh karérét karung wadah roay. Jol aya ingetan
pikasenangeun. Gelenyu Si Kabayan imut.
“Mitoha! Mitoha!” “Heuy!”
“Kula rék ka cai heula ieu mules beuteung. Bisi rada lila,
dagoan nya! Ati-ati mun mitoha ninggalkeun!”
“Heug! Ulah lila teuing
baé.”
“Kumaha engké wé,
da kasakit mah ari datang kawas kilat, ari undur kundang iteuk.”
Bari ngomong
téh
mitohana tonggoy
baé ngalaan roay teu luak-lieuk.
Si
Kabayan sup asup kana karung wadah roay. Awakna dipurungkutkeun bari ngareumpeukkan manéh ku roay nepi ka teu katémbong.
Barang bro mitohana ngabrukkeun roay kana
karung, dideuleu karung geus metung, ret ku manéhna dicakupkeun dipocong ditalian, dijungjung-jungjung.
“Duh beurat naker,” omongna. Geus
kitu gék diuk ngadagoan Si Kabayan.
Si Kabayan didagoan
téh ambleng baé, sedeng
poé geus reup-reupan. “Naha Si Kabayan
bet ambleng baé?” ceuk mitohana ngomong sorangan. “Moal
salah meureun terus balik da gering. Éta mah Si Kabayan, naha
aya
mangkeluk. Benerna mah bébéja
heula ka kolot, rék balik téh. Ieu mah léos baé. Aya jelema.”
Rigidig karung roay
dipanggul. Édas beurat naker,” omongna. “didedet
teuing, ieu mani teuas
kieu. Bari dirampa-rampa karungna.
Barang datang
ka imah, sok diteundeun di
dapur dina raranjangan. Tuluy dibuka
beungkeutan karung téh ku mitoha awéwé, bari ngomong, “Euleuh cukul pelak roay
urang téh nya, mani sakieu lobana.”
“Hih, tacan kaala kabéh éta gé, da kaburu pinuh,
karungna leutik teuing,” jawab mitoha lalaki, “Kakara
gé saparona meureun. Bari
étaeun, manéhna, teu ngadéngé Si Kabayan, kumaha
geringna?”
“Baruk gering?
Teu nyaho kaula mah. Panyana jeung andika ka huma.”
“Puguh baé tadi isuk, tapi ti dituna balik ti heula, nyeri
beuteung.”
“Aéh-aéh, kutan!
Cik manéhna ieu bantuan ngudulkeun
roay, bet beurat naker.”
Ana bro téh diudulkeun
ku duaan, burulu roay bijil sabagian
da sereg dina liang karung. Ku sabab mereketengteng karungna dihantem
digeujleug-geujleug, na…ana boréngkal téh Si Kabayan ragrag
kana raranjangan morongkol. Mitoha awéwé ngajerit bawaning ku reuwas. Mitoha lalaki ngejat mundur
ka tukang awahing ku kagét.
Si Kabayan, “Hé, hé, hé, da capé!” Bari balaham-béléhém.
“Si Bedul téh geuning Si Kabayan,” ceuk mitoha awéwé.
“Da capé, mitoha!
Jeung ieuh, ku ngeunah dipunggu ku
mitoha téh.”
“Aya adat-adatan, na sia kitu peta ka kolot téh!”
ceuk mitoha awéwé. Ari
mitoha lalaki léos baé ka imah. Haténa
ngunek-ngunek ambek, hayang
males.
“Isuk mah anggeuskeun ngala roay
téh jeung Bapa, Kabayan! Sing bener ulah goréng polah kitu ka kolot pamali deuleu matak doraka,” ceuk mitoha
awéwé.
“Heug, moal
mitoha.”
Isukna bral Si Kabayan jeung mitoha lalaki
ka huma deui. Datang-datang rétop metikan roay, garetol
naker. Mitohana rét deui rét deui ngarérét ku juru panon ka
Si Kabayan. Si Kabayan tonggoy
baé ngalaan roay. Sigana mah inget kana
papatah mitoha awéwé, éstuning
junun ayeuna mah kana gawéna téh.
Nempo
Si Kabayan jongjon digawé, kuliwed
les baé mitohana téh. Si Kabayan mah terus baé
ngalaan
roay
nepi ka karungna téa
pinuh
pisan. Ret dipangrodkeun liang karung téh. Reketek ditalian.
“Na kamana mitoha
bet euweuh? Moal salah ninggalkeu meureun, keuheuleun
kénéh urut kamari. Kajeun ah! Aing gé rék balik. Rék digusur
baé ieu karung téh, da teu kabawa dipanggul
mah,” bari ngomong kitu,
bluk karung téh digulingkeun. Durugdug
digusur.
“Kabayan! Kabayan!” Ceuk
sora jero karung. “Ieu aing, mitoha
sia ulah digusur!”
Reg Si Kabayan eureun, “Ah puguh roay, roay!” Bari gaplok
dipeupeuh karung téh. Durugdug deui digusur.
“Kabayan! Bapa
deuleu ieu, lain roay!” “Roay!
Roay!” Bari terus digusur.
Barang datang ka dapur,
gebrug ditinggangkeun kana rarangjangan, “Ek!” Sora jelema
nu titeundeut.
“Tah
mitoha awéwé, roay sakarung!” Bari léos manéhna mah
indit ka cai. Barang diudulkeun eusina, gurubug
salakina ragrag bari gegerungan. Awakna
daronglak raraheut urut digugusur anu sakitu jauhna. Pamajikanan teu kira-kira
kagéteunana Tuluy
diubaran ku cilebu. Meunang
dua poé mitoha lalaki teu bisa hudang-hudang acan.
(Tina Lima
Abad Sastra Sunda, karya Wahyu Wibisana,
spk. )
Tidak ada komentar:
Posting Komentar